Bobodoran Sunda: JODIAK minggon ayeuna Ramalan ceu erum
1. Pirgo
– Pagawean nu cocok: nambal ban kareta.
– Keuangan: aya pemasukan saeutik tp lsng dipaok.
– Asmara: bakal digegel ceuli ku mitoha.
2. Akuwarius
– Pagawean nu cocok: tukang cilok
– Keuangan: balangsak
– Asmara: aya bencong nu resepeun
3. Piskes
– Pagawean nu cocok: ngajualan boboko jeng buntil
– Keuangan: sarebu sarebuna deui
– Asmara: kabogoh rada torek, mun apel ulah poho mawa toa
mesjid
4. Ariyes
– Pagawean nu cocok: ngalaan tutut jeung keong
– Keuangan: mun jualan tutut payu, nya pasti boga duit eta ge mun teu hoream sii
– Asmara: can aya nu daekeun, cabutan heula bulu kelek geura juk
5. Tawurus
– Pagawean nu cocok: ngangon meri
– Keuangan: balakaciprut
– Asmara: tong loba harepanlah beungeut sia minus
6. Gemini
– Pagawean nu cocok: niupan bujur hayam.
– Keuangan: sangsara tak berujung
– Asmara: jomlo wae, buru neangan pelet
7. Kanser
– Pagawean nu cocok: tukang mencetan sapi
– Keuangan: can aya pemasukan lila keneh idul adhana ge
– Asmara: aya nu resepeun ngan huntuna nolol nepi kelek
8. Leyo
– Pagawean nu cocok: dagang cai hujan
– Keuangan: can bisa senang atu da sia mah dagang cai hujan! Saha anu dek meuli
– Asmara: ganti heula eta rarai,ngarah payu.
9. Libra
– Pagawean nu cocok: nyusahkeun batur.
– Keuangan: ripuh.
– Asmara: bakal aya nu bogoheun tapi budug nepika buuk2
10. sekorpio
– Pagawean nu cocok: ngahampelasan huntu
– Keuangan: bakal meunang undian ti kopi sarebu
– Asmara: kapanggiheun pas
salingkuh jeung munding
11. Sagitariyus
– Pagawean nu cocok: tukang santet
– Keuangan: bangkrut wae da jaman ayeuna mah make teknologi lain santet
– Asmara: kabogoh kawin jeung batur
12. Kaprikorn
– Pagawean nu cocok: ngalaan impun
– Keuangan: marebu wee anggeur di loket mahh
– Asmara: dipikaresep ku tukang gigi palsu
kocak koplok wkwkwkwkw
I-S-M (@i_sandytia)
11 Oktober 2013 at 23:05
Lucu bangett Cerita Lucu CANGEHGAR
Cerita Lucu CANGEHGAR
10 April 2014 at 22:46